Wednesday, June 15, 2005

Sundanese,...

Jauh tina jero hate nu leutik, ngarasa bagja jeung bungah. Hirup di sawatara lingkungan anu matak merenah, reueus kana hate. Mun geus nincak kana waktu nu mustari, ngalangkah kanu keur dipilampah, ah... asa bagja bener ieu hate. Tiis pisan,...

Keur jempling kieu, jauh tinu anggang aya sora nu ngadendang, eh, eta mah sora neng Nining Meida atawa saha nya?,... kieu tah kirang langkung sora nu kahiliwirkeunna teh

*****
tengah peuting keur jemplang jempling
kuring nyaring, teu geunah cicing
hate melang, sumoreang
buah ati, lawas teu patepang

cuang cieung, kuring sorangan
nenggeulis cik pangumbaraan
lieuk dengen lieuk lain
laya pisan kesan pamunangan

rek sasambat ka saha nya nyambat
suwung dulur, walurat sobat
sangsang badan, nitipkeunnya diri
iwal ti ka Gusti hyang widhi

hiliwirkeun, duh angin peuting
pangnepikeun hariring kuring
kajungjunan nu ngantosan
kawih ati nu keur rungsing pusing
*****

punteun pami leupatmah, da sorana teh bener we dihiiwirkeun ku angin peuting

1 comment:

yun said...

waaah gak nyangka bisa nemu lagu ini.. dulu nyokap suka nyanyiin tapi gw lupa liriknya.. iseng2 nyarii eeeh ketemu.. makasih yaa turut melestarikan lagu sunda :-D